Postingan Kang Gilang Ramadhan di Info Loker Lowongan Kerja Bandung Jawa barat bikin heboh netizen dan menjadi Vital. Cerita pendek kisah nyata dirinya yang sedang mencari kerja, menggugah hati para netizen. Menyadarkan betapa pentingnya instrospeksi diri, dan sedekah.
# DI WARTEG kuring di KEPRET #
Teu sirikna unggal kantor diasupan, saban pausahaan didatangan. Sugan jeung sugan aya nu haat narima jadi pagawé.
Teu sirikna unggal kantor diasupan, saban pausahaan didatangan. Sugan jeung sugan aya nu haat narima jadi pagawé.
Ti saprak narima ijasah, geus mangratus lamaran dikirimkeun ka nu nawaran lamaran gawé. Geus puguh dititipkeun ka dulur atawa babaturan mah. Lebeng tacan aya jawaban.
Leuleumpangan mapay-mapay jalan, lahlahan. Lain jawaban nu datang tapi hanaang jeung lapar nu datang.
Sakadang peujit ménta dieusi. Lain teu hayang dahar di réstoran tapi duit nu teu nyumponan.
Warteg nu jadi pilihan. Koloyong indit ka warteg peuntaseun pausahaan nu geus nolak lamaran.
Karék gé asup ka warteg, hawa nu tadina nyongkab panas ngadadak haleungheum pihujaneun. Angkeub.
Diuk nyanghareupan dahareun na jero etalaseu, pagigir-gigir jeung lalaki nu nyangahareupan cihérang nu pinuh kénéh. Jigana daharna geus bérés.
Awakna seungit jiga nu maké 'Seribu Bunga'. Ngan hiliwirna béda jeung' Seribu Bunga' nu sok dipaké sapopoé.
Nu dagang mikeun dahareun nu dipesen. Sanguna ngebul. Barang rék ngahuapkeun sangu, ger, hujan gedé pisan dibarung sora guludug jeung gelap ting burinyay nu nyaangan sakedapan jero warteg. Sora raragna hujan kana asbés warteg karasa pisan gandéngna.
"Basmalah heula, Kang!" ceuk lalaki tadi. Kuring unggeuk ngajawab panalékna.
Sabot cacamuilan, asup awéwé tengah tuwuh nungtun budak dipapayung butut. Awakna rancucut balas kahujananan.
"Ngiring ngiuhan!" pokna halon.
"Mangga, sok calik. Di lawang mah tiris!" walon nu boga warteg. Maranéhna dariuk gigireun kuring.
Hujan beuki ngagedéan. Séorna angin nambahan tiris kana awak.
"Ma, lapar!" haréwos budak ka indungna.
"Sttt!" Indungna nolak kahayang anakna.
Obrolan indung jeung anak sanajan lalaunan, jigana kadéngé ku nu boga warteg.
Teu lila, nu boga warteg mikeun sangu sapiring mentung jeung lalawuhna.
"Mangga, Bu! Hawatos ka murangkalih. Bilih aya nanaon. Teu sawios teu gaduh artos mah. Sodakoh saalit kanggo ibu sareng tuang putra." ceuk nu boga warung daréhdéh naker.
"Hatur nuhun, Adén!" Katingali juru panonna beueus.
Budak dihuapan ku indungna. Segut pisan daharna. Jigana lapar pisan. Sakali-kali indungna ngahuapkeun keur dirina. Tayohna sarua laparna.
Di luar, hujan ngadadak eureun. Langit dumadak lénglang.
"Kang, ieu!" Lalaki nu seungit téa ngaluarkeun duit saratus rébu.
"Jaga terus sodakohna. Ieu duit pikeun mayar Ibu tadi. Pami aya sésana, sodaqohkeun ka murangkalihna!" ngomongna bari nuduhkeun ka budak awéwé.
Teu nungguan jawaban. Manéhna kaluar ti warteg. Teu lila hujan ngagebrét deui.
"Subhanalloh..." ngagerendeng. Kuring panasaran hayang ningali ka mana inditna éta lalaki. Lebeng teu kapanggih ka mana inditna. Hujan beuki badag, nyesakeun cileuncang di jalan.
"Boa tara sedekah matak hésé néangan gawé téh...!" Ngupahan diri sorangan.
Cag ah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar